kumpulan pantun jebg sisindiran urang sunda
samangka seeur bijina
Dijual di pasar kemis
Eta saha nu didinya
Meuni seeur nu gareulis
Aya lauk disusukan
Di useup na ku mang ali
Moal weleh digombalan
ku anjeun kaum lalaki
Ka cilembu meser ubi
Ubi na karasa madu
Hoyong terang saha nami
Ameh tiasa I love you
Jalan-jalan ka cikadu
Ka cikadu naek sado
Duh meuni langsung I love you
Da pasti akang mah omdo
Plesiran ka kota banten
Ka banten ningali debus
Eneng meuni teu percanten
Da cinta akang mah ciyus
Masak gule ngangge jinten
Nggeunah na kabina-bina
Sanes abdi teu percanten
Kahoyong na mah buktos na
Mun pareng rek ka cilawu
ulah poho mawa baki
nu geulis tungkusan kalbu
hayu urang lakirabi
(tah buktos na)
Ka cianjur mawa jalak
Ka cianjur mawa ekek
Ka batur mah abdi nolak
Ka akang ge moal daek
Ka pasar mawa keresek
Pasar na di ramayana
Upami neng moal daek
Akang oge moal maksa
(ceurik***)
Didieu loba kaliki
Hanjakal teu baruahan
Didieu loba lalaki
Hanjakal teu aruyahan
Di cipanas loba bawang
Bawang na bawang nu ngora
Neng tong sok kitu ka akang
Akang mah pejuang cinta
Di arab mah seeur onta
Onta na teh mawa keusik
cenah mah pejuang cinta
Mun ditolak langsung ceurik
Kalapa bodas jerona
Tiasa di jieun pati
Haturnuhun sadayana
Enjing pasti tepung deui
tos ah sakitu we heula isukan di lajengken dei
tos ah sakitu we heula isukan di lajengken dei
0 komentar:
Posting Komentar